Soal UAS UKK Bahasa Sunda Kelas 4 SD Semester 1
Soal UAS UKK Bahasa Sunda Kelas 4 SD Semester 1 -
Pada kesempatan ini, tipstriksib akan mengulas Bank Soal Bahasa Sunda Ulangan Akhir Semester UAS / semester 1 kelas 4 SD yang bisa sobat pelajari dan berikan sebagai contoh latihan soal kisi-kisi ujian ulangan Bahasa Sunda kelas 4 SD semester tahun pelajaran 2017 Soal Ulangan Akhir Semester Semester 1

Pada kesempatan ini, tipstriksib akan mengulas Bank Soal Bahasa Sunda Ulangan Akhir Semester UAS / semester 1 kelas 4 SD yang bisa sobat pelajari dan berikan sebagai contoh latihan soal kisi-kisi ujian ulangan Bahasa Sunda kelas 4 SD semester tahun pelajaran 2017 Soal Ulangan Akhir Semester Semester 1
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/ Semester : 4 (Empat)/ 1 (Satu)
Hari/ Tanggal : ..................................
Waktu : 90 menit
BEWARA
Dina mieling Poe Kemerdekaan Republik Indonesia nu ka-70, di SD Negeri Mancagahar 1 baris diayakeun pasanggiri basa Sunda, nu ngawengku :
a. Maca sajak basa Sunda
b. Ngarang basa sunda
c. Biantara basa Sunda,
Ka murid-murid nu aya krep ngiluan, bisa daftar ka panitia atawa ka ketua kelas masing-masing. Pendaftaran satelat-telatna dina kaping 5 Agustus 2015. Prungna pasanggiri kaping 10 digi ka 16 Agustus 2015. Tempatna di ruang kelas 1
Anu pinunjul jadi juara baris dileler hadiah ti Bapak Kepala Dinas Kecamatan Pameungpeuk, sareng ti Kepala Sakola SD Negeri Mancagahar 1. Kajuaraan diumumkeun dina kaping 17 Agustus 2015 dina upacara Mieling Poe Kamerdekaan Republik Indonesia
I. Jawab sakur pananya di handap ieu !
1. Naon eusina bewara teh ?
2. Iraha rek diayakeunnana pertandingan teh ?
3. Perlombaan teh dina pasanggiri raraga mieling naon?
4. Kusaha nu jadi juara bakal di bere hadiahna ?
5. Iraha diumumkeunna anu meunang juara teh ?
II. Cakra ( X ) hurup a, b, c, jeung d dina jawaban anu bener !
6. Hayam teh gampang pisan ditewakna. Nukitu disebut sato ....
a. lingas b. lindeuk c. telenges d. galak
7. Hayam teh keur ....
a. dahar b. lolodok c. nyatu d. emam
8. Abdi kamari .... di bumi nini.
a. hees b. sare c. ngendong d. mondok
9. Tukang nyieun korsi, lomari, meja jeung sajabana, disebut ....
a. tukang tani b. binatu c. tukang meubeul d. panday
10. Pakarang pusaka urang sunda mah ngarana ....
a. peso b. bedog c. belati d. kujang
11. Nyimpeun duit sesa atawa ngahaja nyimpen dina wadah, ngaranna ....
a. tunggul kuras c. neundeun poho
b. nyengcelengan d. sisimpeunan
12. Panyakit hayam nu katelah mah ngaranna ....
a. flu b. langlayeuseun c. cekok d. polio
13. Empang teh hartina sarua jeung ....
a. solokan b. susukan c. wahangan d. balong
14. Ari cangehgar teh sabangsa ....
a. ucing b. hayam c. anjing d. manuk
15. “ wawales kanu telenges” wawales hartina ....
a. panipuan b. pangwales c. pangbalikan d. pangoloan
16. Buku pikeun di ajar boh di sakola atawa di imah ngaranna buku ….
a. bacaan b. gambar c. carita d. pangajaran
17. Beja atawa katerangan disebut oge ….
a. lelepon b. informasi c. internet d. komputer
18. Andi nuju … kaligrafi
a. gambar b. digambar c. ngagambarkeun d. ngagambar
19. Saha … ibu teh ?
a. Jeneng b. jenengan c. Dijenengkeun d. jenenganan
20. “Upami bade … buku mah ka Yani we atuh!
a. Tambut b. nambut c. Nambutan d. nambutkeun
21. Buku bahasa sunda keagungan Arif tadi … di rorompok.
a. Ngantun b. kakantun c. kantun d. dikantunkeun
22. Ari bumina Bu Mirah nu … mana?
a. belah b. palih c. Malik d. nyangirah
23. Jeng, upami solat teh atuh kdah … prak prakanana.
a. Leres b. kaleresan c. Leres-leres d. leresan
24. Mamah nuju … bungbuahan sareng sayuran ka pasar Sayati.
a. Meuli b. barang beuli c. Meser d. ngagaleuh
25. Ka jalmi nu ageung bohong mah moal aya deui nu ….
a. Percaya b. mercanten c. Percanten d. percanteneun
III. Eusian titik-titik ieu d ihandap
26. Panyakit maag, akibat tina telat ….
27. Sangkan budak teu kaserang polio kudu ….
28. Akibat tina kurang sare jeung kurang barang dahar awak teh karasa bakal ….
29. Kumargi seueur tatangkalan hawa di bumi Aki teh janten ….
30. Rantang dijieun tina kaleng atawa aluminium paranti ….
31. Arit, parang, jeung kored kasup kana istilah ….
32. Mang Udin ngabogaan japati sa jodo, anak japati ngaranna ….
33. Pa Dadan ngabogaan hayam, anak hayam ngaranna ….
34. Dihareupeun imah Bi Nani aya kembang jambu aer, kembang jambu aer ngaranna ….
35. Mang Mirta tukang nyieun parabot atawa perhiasan tina emas atawa perak ngaranna ….
IV. Uraikeun pananya-pananya di handap ieu!
36. Jieu kalimah tina kecap ieu di handap !
a. imah
b. sakola
37. Naon hartina bewara ?
38. Pun Bapa nuju ..... di kamar
39. Bi Mamah sarena mani tibra bari garo maling, garo maling hartina nyaeta ….
40. Mang Saman parena mani loba diasupkeun kana leuit, leuit hartina nyaeta ….
Baca juga soal ujian UKK kelas 4 SD
Soal UKK UAS SBK Seni Budaya kelas 4 SD Semester 2
Demikian Soal UAS UKK Bahasa Sunda Kelas 4 SD Semester 1, selamat mengerjakan
Demikian Soal UAS UKK Bahasa Sunda Kelas 4 SD Semester 1, selamat mengerjakan