Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Widget HTML #1

Gambar Produk 1
Jasa Desain Kaos, Desain Batik , LOGO dan desain grafis lainya
Email : mastertracer69@gmail.com

Soal UKK UTS Bahasa Sunda Kelas 10 SMA Semester 1

Soal-Ulangan-Ujian-UTS-Bahasa-Sunda-kelas-10-SMA-semester-1
Soal UKK UTS Bahasa Sunda Kelas 10 SMA Semester 1 - Pada kesempatan ini, tipstriksib akan mengulas Bank Soal Bahasa Sunda kelas 11 SMA Ulangan Tengah Semester UTS / semester 1 kelas 10 SMA yang bisa sobat pelajari dan berikan sebagai contoh latihan soal kisi-kisi ujian ulangan Soal Bahasa Sunda kelas 10 SMA semester 1 tahun pelajaran 2017 Soal Ulangan Tengah Semester Semester 1


Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/ Semester : X (Sepuluh )/ 1 (Satu)
Hari/ Tanggal : ..................................

Waktu : 60 menit

I. Jawablah pertanyaan dibawah ini dengan cara member tanda silang (X) pada a,b,c atau d untuk jawaban yang benar!

Kolot téh tunggul rahayu tangkal darajat, sabab Gusti moal ngahampura lamun teu dihampura ku indungna jeung ku bapana. Sedengkeun lamun urang doraka ti indung ti bapa, lamun di lembur kai randu lamun di leuweung kai dangdeur, dipaké pangheret bingkeng, dipaké pamikul bengkung dipaké suluh teu ruhay mantak baluweng anu niup. Lir hirup cara gamparan awak ditincak beuheung dicekék paling untung manggih kokotor. Dicutat tina : Pagelaran Wayang Golék Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya.

1. Ungkara di luhur méré amanah …………….
A. Hormat ka ibu rama D. Béla ka ibu rama
B. Nyaah ka ibu rama E. Cinta ka ibu rama
C. Bakti ka ibu rama

2. Gusti Allah moal ngahampura lamun teu aya hampura ti ibu rama. Katerangan ieu kaunggel dina .......
A. Al Qur’an D. Qiyas
B. Al Hadits E. Qoul Ulama’
C. Al Ijma’

3. Dina Al Qur’an digambarkeun yén doraka ka ibu rama téh nyaéta ulah ngucapkeun “ah”, “cis”, jst. (fala taqul lahuma uff…) maksudna nyaéta ......
A. Nyentak kolot ku ucapan anu kasar
B. Teu meunang ngadebat kanu jadi kolot
C. Teu meunang mapatahan nu jadi kolot
D. Tong campelak, teu sopan ka kolot
E. Beuratna doraka nganyenyeri ka nu jadi kolot

4. Kai randu téh biasa dimangfaatkeun pikeun .....
A. Bagisting D. Tihang
B. Kusen E. Jait
C. Usuk



5. Buah randu biasana disebut ......
A. Kapas D. Busa
B. Kapuk E. Jantung
C. Serat

6. Anu disebut pangheret dina wangunan imah nyaéta ....
A. Palang anu manjang di luhureun bilik atawa érang-érang handapeun rangki
B. Palang anu motong di tungtung bilik handapeun rangki atawa kakalong
C. Kai pamageuh antara tihang jeung jait anu petakeun sacara diagonal
D. Papalang suhunan sahandapeun turub atawa wuwung
E. Pamérés kenténg/hateup beulah tungtung

7. Suluh teu ruhay, hartina ……………..
A. Seuneuna nguntab-nguntab D. Teu aya seuneuan
B. Seuneuna teu daék hurung E. Kudu ditiupan baé
C. Suluh teu daék teurak

8. Anu dimaksud pamikul, sasaruaan kecapna nyaéta ….
A. Rancatan D. Gogotong
B. Salang E. Awi
C. Tangkal

9. Lamun beuheung larapan kecapna nyaéta “dicekék”, lamun baham jeung soca larapan kecapna nyaéta ...
A. Colok – toél D. Toél – bekem
B. Bekem – pencét E. Bekem – colok
C. Pencét – colok

10. Doraka ti indung-bapa téh mantak ngabalukarkeun nu jadi anak .....
A. Moal dirizkian ku Gusti Allah
B. Moal barokah kahirupanana
C. Moal dipanggihkeun jeung kabagjaan
D. Moal dibéré kasehatan awakna
E. Moal dipanjangkeun umurna

11. Dongéng anu ngagambarkeun kahirupan sato bisa saperti kahirupan jalma, nyaéta .....
A. Mitos D. Legenda
B. Sagé E. Pamohalan
C. Fabel

12. Jurudemung, Pangkur, Gurisa, Ladrang disebut ngaran .....
A. Tempat buhun D. Pupuh buhun
B. Lagu buhun E. Kakawihan buhun
C. Dongéng buhun

13. Kecap banganteur “blak” jeung “blok” luyu jeung kecap .....
A. Labuh – emok D. Labuh – nangkuban
B. Nangkarak – bahé E. Beulah – tamplok
C. Beulah – nangkuban

14. Arjuna disebut satria panengah pandawa, ngaran séjéna nyaéta ....
A. Brataséna D. Wibisana
B. Basudéwa E. Janaka
C. Kumbakarna

15. Raja Dasamuka anu ngarajaan di nagara Aléngkadwirja ngabogaan ngaran séjén nyaéta Prabu
A. Dastrarata D. Mahésajenar
B. Rahwana E. Siliwangi
C. Basudéwa